Ebooks, Audobooks and Classical Music from Liber Liber
a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z





Web - Amazon

We provide Linux to the World


We support WINRAR [What is this] - [Download .exe file(s) for Windows]

CLASSICISTRANIERI HOME PAGE - YOUTUBE CHANNEL
SITEMAP
Audiobooks by Valerio Di Stefano: Single Download - Complete Download [TAR] [WIM] [ZIP] [RAR] - Alphabetical Download  [TAR] [WIM] [ZIP] [RAR] - Download Instructions

Make a donation: IBAN: IT36M0708677020000000008016 - BIC/SWIFT:  ICRAITRRU60 - VALERIO DI STEFANO or
Privacy Policy Cookie Policy Terms and Conditions
Tokyo - Wikipédia

Tokyo

Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas

Tokyo Prefecture (東京都; Tōkyō-to)
Map of Japan with Tokyo highlighted
Ibukota Shinjuku
Wewengkon Kanto
Pulo Honshu
Gubernur Shintaro Ishihara
Lega 2,187.08 km² (45th)
 - % water 1.0%
Pangeusi (October 1, 2003)
 - Pangeusi 12,527,115 (8,444,531 in 23 wards) (1st)
 - Kapadetan 5655 /km²
Districts 1
Municipalities 62
ISO 3166-2 JP-13
Web site www.metro.tokyo.jp/
ENGLISH/
Lambang Prefectural
 - Kembang Somei-Yoshino cherry blossom
 - Tangkal Ginkgo tree (Ginkgo biloba)
 - Manuk Black-headed Gull (Larus ridibundus)
Tokyo Metropolitan Government symbol

Diadopsi dina Juni 1989, lambang resmi Tokyo ngabogaan tilu satengah lingkaran ngawangun siga hurup T keur Tokyo dina bentuk daun ginkgo warna hejo. Ngalambangkeun Tokyo bakal tumuwuh di mangsa nu bakal datang tur pinuh pangharepan, sampurna jeung tengtrem.

Tokyo (東京 Tōkyō?, hartina ibukota di beulah wetan) Bunyi listen salah sahiji tina 47 perfektur di Jepang. Tokyo kaasup pusat urbanisasi, samemehna ngan saukur kota Tokyo sarta masih kawentar nepi ka kiwari, nu ayeuna sacara adminitrasi dibagi jadi 23 kota — 23 kota husus. Dina awal taun 1943, Tokyo masih keneh ngaran perfektur oge kota. Dina 1943 pamarentah kota Tokyo dibubarkeun sarta ti harita ngan pamarentahan perfektur nu boga ngaran Tokyo. Keur bukti status istimewa ieu, ngan perfektur Tokyo nu make to ( to?, metropolis) dina Basa Jepang .

Sanajan lain ngan saukur hiji kota, metropolitan Tokyo ngarupakan pusat pamarentahan Jepang jeung karajaan Jepang sarta dijadikeun ibukota nagara Jepang. Pendudukna kira-kira 12 juta—10 persen tina sakabeh populasi Jepang— sedengkeun kira-kira 33–36 juta penduduk hirup di Greater Tokyo area, ngajadikeun Tokyo kota paling padet di dunya.

Tokyo ayana di wewengkon Kanto di Pulo Honshu. Sacara geografis aya dina koordinat 35°41' Kaler, 139°46' Wetan (35.68333, 139.7667) [1], tapi watesna ngalegaan nepi ka pulo-pulo luar di Samudera Pacifik nu jarakna leuwih ti 1,000 km ti Pulo Honshu.

Tokyo ngarupakeun pusat politik, bisnis, dagang, pendidikan, mass media, sarta budaya. Tokyo ngarupakeun kantor pusat perusahaan gede di Jepang, lembaga keuangan, universitas jeung akademi, musium, teater, sarta pusat balanja jeung hiburan. Tokyo oge ngarupakeun salah sahiji "kota global" utama di dunya jeung Megacity.

Daptar eusi

[édit] Sajarah

Artikel utama: History of Tokyo
Simbol Tokyo, Sasak Nijubashi di Istana Kaisar. Masyarakat umum bisa meuntas ieu sasak dua kali dina sataun nyaeta: Taun Anyar jeung Ulang Taun Kaisar 23 Desember, keur nempo kulawarga di balkon
Gedéan
Simbol Tokyo, Sasak Nijubashi di Istana Kaisar. Masyarakat umum bisa meuntas ieu sasak dua kali dina sataun nyaeta: Taun Anyar jeung Ulang Taun Kaisar 23 Desember, keur nempo kulawarga di balkon

Kamajuan Tokyo nepi ka siga kiwari teu leupas ti pangaruh: Tokugawa Ieyasu jeung Kaisar Meiji. Dina taun 1603, sanggeus ngahijikeun Jepang ku cara perang, Shogun Tokugawa Ieyasu ngawangun Edo (ayeuna Tokyo) keur markasna. Hasilna, ieu kota gancang tumuwuh tur jadi salah sahiji kota gede nu populasi leuwih ti samilyar dina abad ka 18. Sacara de facto ibukota Jepang sedengkeun kaisar tumetep di Kyoto, ibukota karajaan. Keur leuwih jentre, tempo: Edo

Gambar:TokyoEdoCastleBase.jpg
Pondasi batu tower utama di Kastil Edo.

Sanggeus 263 taun, kakawasaan shogun digulingkeun tur balik ka aturan kaisar. Dina taun 1869, Kaisar Meiji nu harita umurna ampir 17 taun pindah ka Edo, sarta ngaranan "Tokyo" ("Ibukota Wetan"; dina Basa Cina, make kanji nu sarua, di Cina kota Dongjing). Tokyo geus jadi pusat politik, ekonomi jeung budaya nasional Jepang, ku ayana istana kaisar ngajadikeun sacara de facto ibukota karajaan sarta Kastil Edo jadi Istana Kaisar.

Peta taun 1888 tina Meyers Konversations-Lexikon Encyclopedia nembongkeun ngaran Tokyo dina Basa Jerman baheula, Jedo.
Gedéan
Peta taun 1888 tina Meyers Konversations-Lexikon Encyclopedia nembongkeun ngaran Tokyo dina Basa Jerman baheula, Jedo.

Tokyo dua kali ngalaman karusakan gede (catastrophes) sarta terus tumuwuh sacara gancang sanggeus dua kajadian eta. Kahiji nyaeta Lini Gede Kanto dina taun 1923, nu kadua nyaeta Perang Dunya Kadua. Bom-bom dina 1945 ngaruksak Tokyo saperti bom atom di Hiroshima jeung Nagasaki. Sabagean gede Tokyo ampir rata jeung taneuh.

Sanggeus perang rengse, Tokyo bener-bener diwangun, jeung ditembongkeun ka dunya Olimpiade Musim Panas 1964. Tokyo jadi kota panggedena sadunya dina taun 1965 (ngagantikeun New York). Dina taun 1970 mimiti diwangun bangunan pencakar langit saperti Sunshine 60, bandara udara anyar tur kontroversial di Narita (di luar Tokyo), sarta penduduknya ningkat ampir 11 milyar (di daerah metropolitan). Kareta bawah taneuh (subway) jeung jaringan kareta di Tokyo ngarupakeun nu pangsibukna di dunya. Dina taun 1980, harga real estate naek saperti roket salila gelembung ekonomi: loba nu beunghar, tapi gelembung ieu peupeus dina awal taun 1990, loba parusahaan, bank jeung pribadi nu propertina hargana murah. Kajadian saterusna resesi, nyababkeun Jepang dina taun 1990-an "dekase nu leungit", ti harita tumuwuh lalaunan.

Tokyo masih ngawangun daerah anyar nu harga taneuh asalna teu pati mahal. Proyek anyar ieu kaasup Ebisu Garden Place, Tennozu Isle, Shiodome, Roppongi Hills, Shinagawa (oge stasion Shinkansen), sarta Tokyo Station (sisi Marunouchi). Bangunan anyar nu ngabongkar bangunan heubeul keur pusat balanja saperti Omotesando Hills. Proyek ngurug laut (reklamasi) di Tokyo geus dimimitian sababaraha abad katukang. Nu paling kawentar nyaeta Odaiba, ayeuna jadi pusat balanja jeung hiburan.

Tokyo ngalaman lini gede dina taun 1703, 1782, 1812, 1855 jeung 1923. Lini taun 1923, gedena 8.3 skala Ricther, ngabunuh 142,000 urang.

Aya sababaraha usulan rencana keur mindahkeun fungsi pamarentahan nasional ti Tokyo ka kota gede di wewengkon sejen di Jepang, keur ngurangan kamajauan Tokyo jeung revitalisasi ekonomi. Rencana ieu dianggap kontroversial di Jepang jeung tacan kalaksanakeun.

Dumasar kana parobahan dina metoda nulis Basa Jepang, translasi romaji dina teks heubeul ditulisna "Tokio."

[édit] Geografi jeung wilayah administrasi

[édit] Tokyo Kulon

Poto satelit Tokyo ti NASA Landsat 7.
Gedéan
Poto satelit Tokyo ti NASA Landsat 7.

Tokyo Kulon ngawengku Kota, Kacamatan jeung desa nu boga status hukum nu sarua saperti jeung di tempat-tempat sejen di Jepang. Tokyo Kulon ngarupakeun "kota tempat tinggal" keur nu digawe di pusat Tokyo, oge aya sababaraha tempat lokal bisnis jeung industri. Sacara kolektif disebut "Tokyo Kulon".

[édit] Kota-kota

Dua puluh genep kota (sacara administrasi) nu aya di Tokyo Kulon.

  • Akiruno
  • Akishima
  • Chofu
  • Fuchu
  • Fussa
  • Hachioji
  • Hamura
  • Higashikurume
  • Higashimurayama
  • Higashiyamato
  • Hino
  • Inagi
  • Kiyose
  • Kodaira
  • Koganei
  • Kokubunji
  • Komae
  • Kunitachi
  • Machida
  • Mitaka
  • Musashimurayama
  • Musashino
  • Nishi-tokyo
  • Ome
  • Tachikawa
  • Tama

[édit] Distrik, kacamatan, jeung desa

Pangkulonna nyaeta distrik (gun) Nishitama. Daerah ieu ngarupakeun pagunungan sarta teu mungkin keur urbanisasi. Pagunungan pangluhurna di Tokyo, Gunung Kumotori, jangkungna 2,017 m; nu sejenna nyaeta Gunung Takasu (1737 m), Gunung Odake (1266 m), jeung Gunung Mitake (929 m). Danau Okutama, di Walungan Tama deukeut Perfektur Yamanashi, ngarupakeun danau panggedena di Tokyo.

  • Hinode
  • Mizuho
  • Okutama
  • Hinohara Village

[édit] Kapuloan

Kapuloan Izu, beulah kidul, bagean ti Tokyo.
Gedéan
Kapuloan Izu, beulah kidul, bagean ti Tokyo.

Pulo-pulo leutik Tokyo manjang kira-kira 1,850 km ti Tokyo tengah. Sabab pulo-pulo ieu jauh di kota, didinya aya kantor perwakilan pamarentahan metropolitan. Lolobana pulo-pulo ieu kaasup kelas desa.

[édit] Kapuloan Izu

Kapuloan Izu nyaeta grup pulo vulkanik sarta bagean ti Taman Nasional Fuji-Hakone-Izu. Runtuyan pulo-pulo mimiti ti nu deukeut ka Tokyo nyaeta:

  • Izu Oshima
  • Toshima
  • Niijima
  • Shikinejima
  • Kozushima
  • Miyakejima
  • Mikurajima
  • Aogashima
  • Hachijojima

[édit] Kapuloan Ogasawara

  • Ogasawara—Ogasawara ngawengku, ti kaler ka kidul, Chichi-jima, Nishinoshima, Haha-jima, Kita Iwo Jima, Iwo Jima, and Minami Iwo Jima. Ogasawara oge ngawengku pulo leutik: Minami Torishima, pangwetanna ti Jepang, kira-kira 1,850 km ti pusat Tokyo, jeung Okino Torishima, pangkidulna ti Jepang. Dua polu ieu euweuh pendudukna, keur jadi simbol nasional. Rante Iwo jeung pulo-pulo leutik lianna ampir taya nu nyicingan, sanajan kitu aya sababaraha diantara nu aya pendudukna utamana nu deukeut ka Honshu.

[édit] Taman Nasional

Aya opat taman nasional di Tokyo:

  • Chichibu Tamakai National Park, di Nishitama sarta sabagean kaasup ka Perfektur Yamanashi jeung Saitama
  • Meiji no Mori Takao Quasi-National Park, sakuriling Mount Takao nepi ka kiduleun Hachioji.
  • Fuji-Hakone-Izu National Park nu kaasup Kapuloan Izu.
  • Ogasawara National Park. Keur diusahakan supaya Taman Nasional Ogasawara jadi bagean tina UNESCO World Heritage Site.

[édit] Ekonomi

Tokyo ngarupakeun metropolitan ekonomi panggedena di dunya: nominal GDP ampir US$1.315 trilyun leuwih gede tinimbang kadalapan-panggedena ekonomi nasional di dunya[1]. Tempatna pusat dagang internasional, kantor pusat sababaraha bank investasi jeung parusahaan asuransi, sarta ngalayanan transportasi, percetakan, jeung penyiaran keur Jepang.

Salila jadi pusat pertumbuhan ekonomi Jepang sanggeus Perang Dunya Kadua, loba perusahaan nu mindahkeun kantor pusatna ti sababaraha kota saperti Osaka (sejarahna ngarupakeun ibukota perdagangan) ka Tokyo, dina usahana keur ngadeukeutan akses ka pamarentahan. Trend ieu beuki lila beuki laun sabab populasi nu beuk nambah jeung biaya hirup nu beuki mahal di Tokyo.

Tokyo ku Economist Intelligence Unit dianggap kota (pangmahalna biaya hirup) di dunya salila 14 taun nepi ka taun 2006.[2]

[édit] Demografi

Salaku salah sahiji kota utama di dunya, penduduk Tokyo leuwih ti dalapan juta hirup di 23 distrik, jeung di waktu beurang nambahan leuwih ti 2.5 juta boh pagawe atawa mahasiswa nu datang di daerah sakurilingna. Efek ieu bisa ditempo di tilu pusat distrik nyaeta Chiyoda, Chuo, jeung Minato, nu populasina kurang ti 300,000 waktu peuting, tapi leuwih ti dua juta lamun beurang.

[édit] Populasi

Dumasar kana daerah (1 October 2003)

  • Tokyo: 12.36 juta
  • 23 distrik husus: 8.34 juta
  • Tama area: 4 juta
  • Kapuloan: 27,000

Dumasar kana umur (1 Januari 2003):

  • Barudak (0-14): 1.433 juta (12%)
  • Angkatan gawe (15-64): 8.507 juta (71.4%)
  • Kolot (65+): 2.057 juta (16.6%)

Dumasar kana waktu (taun 2000)

  • Peuting: 12.017 juta
  • Beurang: 14.667 juta

Dumasar kana kabangsaan

  • Urang luar: 353,826 (1 Januari 2005)
  • 5 panglobana kabangsaan urang luar: China (120,331), Korea (103,191), Philipina (31,505), Amerika (18,043), Inggris (7,585)

[édit] Transportasi

JR Jalur Yamanote
Gedéan
JR Jalur Yamanote
Stasion Tokyo salah sahiji stasion utama di Jepang
Gedéan
Stasion Tokyo salah sahiji stasion utama di Jepang
Artikel utama: Transportation in Greater Tokyo

Tokyo ngabogaan jaringan transportasi domestik jeung international nu panggedena sa-Jepang keur transportasi kareta, darat jeung udara. Transportasi umum di Tokyo didominasi ku jaringan kareata jeung subway nu bersih jeung efisien, sedengkeun beus, monorel jeung trem ngarupakeun transportasi sekunder.

[édit] Bandara

Di jero Tokyo, Bandara Internasional Tokyo ("Haneda") ilaharna dipake keur penerbangan domestik. Di luar Tokyo, Bandara International Narita, di Narita, Perfektur Ciba, salah sahiji gerbang internasional utama Jepang.

[édit] Kareta jeung subway

Peta stasion subway utama. Teu kaasup jalur lokal, jalur JR jeung jalur swasta.
Gedéan
Peta stasion subway utama. Teu kaasup jalur lokal, jalur JR jeung jalur swasta.

Kareta ngarupakeun alat transportasi utama di Tokyo, nu mana jaringan jalan kareta ieu panglobana di dunya. JR Wetan ngoperasikeun jaringan kareta panggedena di Tokyo, kaasup jalur Yamanote nu ngurilingan jero kota Tokyo. Tokyo Metro jeung Tokyo Metropolitan Bureau of Transportation ngoperasikeun jaringan bawah taneuh (subway).

[édit] Beus

Pamarentah metropolitan jeung swasata ngoperasikeun rute beus. Lokal, regional, jeung nasional oge aya, nu terminalna aya di deukeut stasion kareta utama nyaeta Tokyo jeung Shinjuku.

[édit] Jalan tol

Jalan tol ngahubungkeun ibukota ka kota-kota sejen di Greater Tokyo area, wewengkon Kanto, sarta pulo Kyushu jeung Shikoku.

[édit] Transportasi sejen

  • Taksi dioperasikeun di 23 distrik jeung kota tur kacamatan. Ferry jarak jauh ngalayanan ka pulo-pulo Tokyo boh panumpang atawa barang oge ka palabuan internasional sejen.

[édit] Pendidikan

Salaku pusat pendidikan nasional, di Tokyo loba universitas, akademi jeung sakola kajuruan. Loba universitas nu kawentar di Jepang aya di Tokyo. Nu pangkawentarna nyaeta Universitas Tokyo. Universitas sejenna nyaeta Keio University, Hitotsubashi University, jeung Waseda University.

Di Tokyo oge aya universitas nu kuliah make basa Inggris, saperti International Christian University, Sophia University, jeung Temple University Japan.

[édit] Universitas di Tokyo

Gerbang Akamon di Universitas Tokyo.
Gedéan
Gerbang Akamon di Universitas Tokyo.

[édit] Universitas Nasional

  • Ochanomizu University
  • University of Electro-Communications
  • Tokyo Medical and Dental University
  • Tokyo University of Foreign Studies
  • Tokyo Gakugei University
  • Tokyo University of Marine Science and Technology
  • Tokyo Geijutsu Daigaku
  • Tokyo Institute of Technology
  • University of Tokyo
  • Tokyo University of Agriculture and Technology
  • Hitotsubashi University

[édit] Universitas Perfektur

  • Tokyo Metropolitan University

[édit] Universitas Swasta

  • Aoyama Gakuin University
  • Asia University
  • Obirin University
  • Gakushuin University
  • Keio University
  • Kogakuin University
  • Kokugakuin University
  • International Christian University
  • Kokushikan University
  • Toyo University
  • Komazawa University
  • Seijo University
  • Seikei University
  • Shibaura Institute of Technology
  • Sophia University
  • Showa University
  • Senshu University
  • Daito Bunka University
  • Takushoku University
  • Chuo University
  • Teikyo University
  • Temple University Japan
  • Tokyo Denki University
  • Tokyo University of Agriculture
  • Tokyo University of Science
  • Toho University
  • Nihon University
  • Hosei University
  • Musashi Institute of Technology
  • Musashi University
  • Meiji University
  • Meiji Gakuin University
  • Rikkyo University
  • Waseda University

[édit] Sakola Dasar jeung Menengah

Taman kanak-kanak, sakola dasar (1 nepi ka 6 taun), jeung sakola menengah (7 nepi ka 9) dioperasikeun ku pamarentah loka kota. sakola menengah atas dikelola ku Tokyo Metropolitan Government Board of Education jeung disebut "Metropolitan High Schools". Di Tokyo oge loba sakola swasta ti mimiti TK nepi ka sakola menengah atas. Keur daftar sakola menengah atas di Jepang, tempo [2].

[édit] Pariwisata Tokyo

Artikel utama: Tourism in Tokyo

Di Tokyo loba tempat jalan-jalan, budaya jeung olahraga. Ieu kaasup kuil nu kawentar, shrines, festival jeung acara taunan, taman, tempat nu endah, tempat balanja jeung kahirupan peuting. Wisata budaya di Tokyo kaasup musium, gedung pertunjukan jeung teater.

[édit] Tokyo dina media populer

Salaku kota panggedena jeung tempatna penyiaran sarta studio, Tokyo remen dijadikeun setting keur film Jepang, acara tipi, runtuyan komik (anime), jeung buku komik (manga). Nu pangkawentarna kaluar Jepang nyaeta kaiju (monster film), numana ciri has kota Tokyo diancurkeun ku monster gede saperti Godzilla. Loba buku komik jeung animasi nu settingna, saperti Sailor Moon, Ranma ½,puffy ami yumi jeung Yu-Gi-Oh!, bakal kawentar di dunya.

Sababarah urang sutradara Hollywood milih Tokyo keur lokasi filmna. Sababaraha film nu kawentar saperti Tokyo Joe, My Geisha, jeung James Bond film You Only Live Twice; oge Kill Bill, The Fast and the Furious: Tokyo Drift jeung Lost in Translation.

Gambar:Tokyoskyline.jpg
Daerah Minato-ku waktu peuting

[édit] Topik sejen

[édit] Sister city

Tokyo ngabogaan sister city sababaraha kota di dunya:

  • New York City,  Britania Raya
  • Paris,  Perancis
  • Rome,  Italia
  • São Paulo,  Brasil
  • Seoul,  Korea Utara

Salian ti eta, distrik jeung kota di Tokyo oge ngabogaan sister-city jeung kota sejen di dunya.

[édit] Tumbu kaluar

Citakan:Sisterlinks

Wikitravel   Tingali ogé Tokyo di Wikitravel


[édit] Rujukan

  1. List of countries by GDP (Nominal)
  2. "Oslo is world's most expensive city: survey", Reuters, January 31, 2006. Retrieved on February 1. (inactive)


Shadow picture of Tokyo region Tokyo Metropolis Symbol of Tokyo Metropolis
Wards: Adachi | Arakawa | Bunkyō | Chiyoda | Chūō | Edogawa | Itabashi | Katsushika | Kita | Kōtō | Meguro | Minato | Nakano | Nerima | Ōta | Setagaya | Shibuya | Shinagawa | Shinjuku (capital) | Suginami | Sumida | Toshima | Taitō
Cities: Akiruno | Akishima | Chōfu | Fuchū | Fussa | Hachiōji | Hamura | Higashikurume | Higashimurayama | Higashiyamato | Hino | Inagi | Kiyose | Kodaira | Koganei | Kokubunji | Komae | Kunitachi | Machida | Mitaka | Musashimurayama | Musashino | Nishi-Tōkyō | Ōme | Tachikawa | Tama
Districts and Subprefectures: Nishitama District | Hachijō Subprefecture | Miyake Subprefecture | Ogasawara Subprefecture | Ōshima Subprefecture


Bagean-bagean Jepang Flag of Japan
Wewengkon: Hokkaido | Tohoku | Kantō | Chūbu (Hokuriku - Koshinetsu - Tokai - Chukyo) | Kansai | Chugoku | Shikoku | Kyushu | Ryukyu
Perfektur: Aichi | Akita | Aomori | Chiba | Ehime | Fukui | Fukuoka | Fukushima | Gifu | Gunma | Hiroshima | Hokkaido | Hyogo | Ibaraki | Ishikawa | Iwate | Kagawa | Kagoshima | Kanagawa | Kochi | Kumamoto | Kyoto | Mie | Miyagi | Miyazaki | Nagano | Nagasaki | Nara | Niigata | Oita | Okayama | Okinawa | Osaka | Saga | Saitama | Shiga | Shimane | Shizuoka | Tochigi | Tokushima | Tokyo | Tottori | Toyama | Wakayama | Yamagata | Yamaguchi | Yamanashi
Cities designated by
government ordinance
23 wards of Tokyo | Chiba | Fukuoka | Hiroshima | Kawasaki | Kitakyushu | Kobe | Kyoto | Nagoya | Osaka | Saitama | Sakai | Sapporo | Sendai | Shizuoka | Yokohama

Citakan:Olympic Summer Games Host Cities

Citakan:Coor title dm

Our "Network":

Project Gutenberg
https://gutenberg.classicistranieri.com

Encyclopaedia Britannica 1911
https://encyclopaediabritannica.classicistranieri.com

Librivox Audiobooks
https://librivox.classicistranieri.com

Linux Distributions
https://old.classicistranieri.com

Magnatune (MP3 Music)
https://magnatune.classicistranieri.com

Static Wikipedia (June 2008)
https://wikipedia.classicistranieri.com

Static Wikipedia (March 2008)
https://wikipedia2007.classicistranieri.com/mar2008/

Static Wikipedia (2007)
https://wikipedia2007.classicistranieri.com

Static Wikipedia (2006)
https://wikipedia2006.classicistranieri.com

Liber Liber
https://liberliber.classicistranieri.com

ZIM Files for Kiwix
https://zim.classicistranieri.com


Other Websites:

Bach - Goldberg Variations
https://www.goldbergvariations.org

Lazarillo de Tormes
https://www.lazarillodetormes.org

Madame Bovary
https://www.madamebovary.org

Il Fu Mattia Pascal
https://www.mattiapascal.it

The Voice in the Desert
https://www.thevoiceinthedesert.org

Confessione d'un amore fascista
https://www.amorefascista.it

Malinverno
https://www.malinverno.org

Debito formativo
https://www.debitoformativo.it

Adina Spire
https://www.adinaspire.com