Ebooks, Audobooks and Classical Music from Liber Liber
a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z





Web - Amazon

We provide Linux to the World


We support WINRAR [What is this] - [Download .exe file(s) for Windows]

CLASSICISTRANIERI HOME PAGE - YOUTUBE CHANNEL
SITEMAP
Audiobooks by Valerio Di Stefano: Single Download - Complete Download [TAR] [WIM] [ZIP] [RAR] - Alphabetical Download  [TAR] [WIM] [ZIP] [RAR] - Download Instructions

Make a donation: IBAN: IT36M0708677020000000008016 - BIC/SWIFT:  ICRAITRRU60 - VALERIO DI STEFANO or
Privacy Policy Cookie Policy Terms and Conditions
Awi - Wikipédia

Awi

Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas

Awi
Awi
Leuweung awi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Plantae
Divisi: Magnoliophyta
Kelas: Liliopsida
Ordo: Poales
Kulawarga: Poaceae
Subfamili: Bambusoideae
Supertribe: Bambusodae
Tribe: Bambuseae
Kunth ex Dumort.
Karageman
Sakitar 91 genera jeung 1,000 species
Subtribe
  • Arthrostylidiinae
  • Arundinariinae
  • Bambusinae
  • Chusqueinae
  • Guaduinae
  • Melocanninae
  • Nastinae
  • Racemobambodinae
  • Shibataeinae

Baca lengkepna Taksonomi Bambuseae.

Awi mangrupakeun hiji kelompok tutuwuhan héjo kaian taunan dina kulawarga Poaceae, subfamili Bambusoideae, tribe Bambuseae. Di antarana aya nu ngaraksasa, jadi anggota kulawarga jukut nu pangbadagna.

Awi hirup di rupa-rupa iklim, ti wewengkon pagunungan nu tiris nepi ka wewengkon tropis nu panas, ti Asia Kalér-ngétan (50° Lintang Kalér di Sakhalin), ka kidul di Asia Wétan, ka kulon di Himalaya, sarta nepi ka Australia ti kalér nepi ka kidul. Awi ogé aya di Afrika sub-Sahara, sarta di Amérika ti tenggara AS ka kidul di Cile, pangkidulna nepi ka 47° Lintang Kidul. Wewengkon nu teu aya awian (aslina) nyaéta Éropa, Afrika Kalér, Asia Kulon, Amérika Kalér, jeung Antartika.

Daptar eusi

[édit] Biologi

Leunjeuran awi panjangna rupa-rupa, ti ukur sababaraha sénti nepi ka 40 méter, kalawan diaméter ti 1 mm nepi ka 30 cm. Leunjeuran awi kabagi ku buku-buku, tempat tumuwuhna daun jeung cabang. Jadi, teu kawas jujukutan umumna, awi mah ngarancabang. Awi nu baradag mah katémbongna kawas tatangkalan biasa.

Awi tina rungkunna nu asli tumuwuh ngajangkunganana ukur sataunan, saterusna mah ngabadagan sarta ngarancabang, tapi teu ngajangkungan deui.

Sababaraha spésiés awi bisa kembangan, najan jarang, malah nepi ka ukur 10-100 taunan leuwih sakali. Ti antarana aya nu monokarpik: tangkalna paéh sanggeus sikina asak. Mun kembangan, nu kembangan téh sakabéh tangkal sawewengkon sakaligus, nu disangka mangrupakeun bentuk panyalindungan tina ayana prédator sikina.

[édit] Budidaya

Awi, utamana awi laleutik, mindeng dipaké ngahias patamanan. Mun dipelak, kudu ditalingakeun balukar tina paripolah invasifna, sabab awi mah nyebar tina akar jeung rizomana. Aya dua pola nyebarna awi: monopodial (ngarungkun) jeung simpodial (ngarambat). Spésiés awi nu ngarungkun biasana sumebar na jero taneuh lalaunan, sedengkeun nu ngarambat mah gumantung kaayaan taneuh, iklim, jeung spésiésna. Aya nu nepi ka sababaraha méter per taunna, tapi aya ogé nu haben sakitu-kitu kénéh dina waktu anu lila. Mun rungkun awina geus tumuwuh lila, ngaberesihanana kudu digali nepi ka akarna, atawa ku cara dicacag terus-terusan nepi ka paéhna.

[édit] Mangpaat

Sirung awi, nu katelah iwung, ku urang Asia mah sok didahar
Gedéan
Sirung awi, nu katelah iwung, ku urang Asia mah sok didahar

Masarakat Asia sacara tradisional raket pisan sapopoéna jeung awi. Ti mimiti bahan dahareun (iwung), parabot dapur/rumah tangga (boboko, nyiru, ayakan, bésék, tolombong, mangga tingal parabot tina awi), patukangan (tarajé, pipa), wangunan (sasak, bilik jeung tihang imah), alat musik (calung, angklung, suling) sarta nu lianna (kohkol, jeujeur, jsb.) ilahar pisan maké awi. Malah mah baheula hinisna sok dipaké nyunatan. Iwung (sirung awi nu kakara mucunghul tina taneuh), di Tatar Sunda mah sok disayur. Najan sababaraha spésiés iwungna téh ngandung racun, racunna bisa leungit mun iwungna dipasak/digodog heula. Malah di jaman kiwari, awi sok dipaké scaffolding konstruksi.

Kasenian angklung nu migunakeun alat musik tina awi
Gedéan
Kasenian angklung nu migunakeun alat musik tina awi
Paimahan di Kampung Naga, Tasikmalaya nu dominan maké bahan awi.
Gedéan
Paimahan di Kampung Naga, Tasikmalaya nu dominan maké bahan awi.

Mun rék diala kaina, kudu dipilih awi nu umurna geus taunan.

Awi ngabentuk watang solobong nu buleud, tapi bisa ogé dijieun pasagi ku jalan numuwuhkeun awina dina solobong pasagi nu ukuranana saeutik sahandapeun diaméter alamina.

Di Cina, baheula hinisna dipaké nyieun kertas. Ayeuna gé masih sok dijieun, tapi dina jumlah nu saeutik.

[édit] Mitos

Umur awi nu lila dijaidukeun lambang kahirupan bangsa Cina, sedengkeun di India dijadikeun lambang sosobatan. Kembanganana anu langka dijadikeun totondén bakal datangna usum paceklik. Di kapuloan Andaman, awi téh mangrupakeun tempat asal-muasalna manusa. Di Jepang, kuil Sinto sok dikubeng ku leuweung awi salaku pinding goib pikeun ngalawan iblis.

[édit] Aspék séjén

Awi ngora, sirung ogé daunna mangrupakeun kadaharan utama panda di Cina jeung Spider monkey.

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung artikel ieu dina kaca

[édit] Rujukan jeung tumbu kaluar

Our "Network":

Project Gutenberg
https://gutenberg.classicistranieri.com

Encyclopaedia Britannica 1911
https://encyclopaediabritannica.classicistranieri.com

Librivox Audiobooks
https://librivox.classicistranieri.com

Linux Distributions
https://old.classicistranieri.com

Magnatune (MP3 Music)
https://magnatune.classicistranieri.com

Static Wikipedia (June 2008)
https://wikipedia.classicistranieri.com

Static Wikipedia (March 2008)
https://wikipedia2007.classicistranieri.com/mar2008/

Static Wikipedia (2007)
https://wikipedia2007.classicistranieri.com

Static Wikipedia (2006)
https://wikipedia2006.classicistranieri.com

Liber Liber
https://liberliber.classicistranieri.com

ZIM Files for Kiwix
https://zim.classicistranieri.com


Other Websites:

Bach - Goldberg Variations
https://www.goldbergvariations.org

Lazarillo de Tormes
https://www.lazarillodetormes.org

Madame Bovary
https://www.madamebovary.org

Il Fu Mattia Pascal
https://www.mattiapascal.it

The Voice in the Desert
https://www.thevoiceinthedesert.org

Confessione d'un amore fascista
https://www.amorefascista.it

Malinverno
https://www.malinverno.org

Debito formativo
https://www.debitoformativo.it

Adina Spire
https://www.adinaspire.com