Sokuon
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
kana - gojūon | |||||||||||
---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
ん | わ | ら | や | ま | は | な | た | さ | か | あ | |
っ | (ゐ) | り | み | ひ | に | ち | し | き | い | ||
ヴ | る | ゆ | む | ふ | ぬ | つ | す | く | う | ||
ヶ | (ゑ) | れ | め | へ | ね | て | せ | け | え | ||
ー | を | ろ | よ | も | ほ | の | と | そ | こ | お |
Sokuon (Basa Jepang: 促音) nyaeta lambang Basa Jepang nu make hiragana atawa katakana tsu leutik. Dina basa akademik disebutna chiisai tsu "tsu leutik" (Basa Jepang: 小さいつ), dibandingkeun jeung ukuran gede tsu:
Ukuran pinuh | Sokuon | |
---|---|---|
Hiragana | つ | っ |
Katakana | ツ | ッ |
Sokuon dipake keur rupa-rupa kaperluan. Salah sahijina nyaeta keur nembongkeun konsonan "geminate", nu dina rōmaji digambarkeun ku "ganda" nu nuturkeun konsonan.
Contona:
- Pocky, kadaharan "ringan" Jepang, ditulis dina kana nyaeta ポッキー, numana ポ po, ッ sokuon, キ ki, ー chōon, dina romanisasi Basa Jepang, pokkii, bareng jeung sokuon digambarkeun ku konsonan k ganda.
- Matte, bentuk te kecap gawe matsu, ditulisna 待って, numana 待 (kanji), っ sokuon, て te, numana sokuon dituliskeun ku make konsonan t ganda.
Sokuon dipake oge dina tungtung kalimah, keur nandakeun "[[glottal stop]"] (cara ngucapkeun nu seukueut atawa motong), nu nandakeun ambek atawa kaget.
Dina usaha ngasupkeun sokuon make komputer atawa pangolah kecap, aya sababaraha tmetoda saperti xtu
, ltu
, ltsu
, jst.
Dina International Phonetic Alphabet, sora sokuon ditandaan ku make "colon" atawa saperti konsonan ganda:
- kite (来て, datang) - kʲite
- kitte (切手, perangko) - kʲitːe / kʲitte / kʲit̚te
- asari (あさり) - asaɾʲi
- assari (あっさり) - asːaɾʲi / assaɾʲi
[édit] Tempo oge
- Fonologi Basa Jepang nu ngajelaskeun leuwih jentre sistim sora Basa Jepang.