Karajaan Tarumanagara
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Tarumanagara atawa Taruma mangrupakeun salah sahiji karajaan munggaran di Nusantara, diadegkeun ku Rajadirajaguru Jayasingawarman dina taun 358 M di wewengkon Bekasi ayeuna. Raja nu kadua satutasna Jayasingawarman pupus nyeta Dharmayawarman (382 - 395 M) nu salajengna diteraskeun ku Purnawarman (395 - 434 M). Dina taun 397 Purnawarman ngalihkeun puseur pamarentahan ka Sundapura nu leuwih deukeut ka basisir.
Daptar eusi |
[édit] Sajarah
Tarumanagara diadegkeun ku Rajadirajaguru Jayasingawarman dina taun 358, nu lajeng diganti ku putrana, Dharmayawarman (382-395). Jayasingawarman dikuburkeun di sisi walungan Gomati, sedeng putrana di sisi Candrabaga.
Purnawarman mangrupa raja Tarumanagara nu katilu (395-434 M). Anjeunna ngawangun puseur karajaan anyar dina taun 397 deukeut ka basisir, dingaranan Sundapura--munggaran dipakéna ngaran "Sunda". Dina taun 417, anjeunna maréntahkeun ngali walungan Gomati jeung Candrabaga nu panjangna 6112 tumbak (kurang leuwih 11 km). Sanggeus réngsé, anjeunna ngayakeun salametan ku ngabagikeun saréwu sapi ka para brahmana.
Prasasti Pasir Muara nu nyaritakeun dipulangkeunana pamaréntahan ka Raja Sunda téh dijieun taun 536 M. Dina taun éta nu jadi pamingpin Tarumanagara nyaéta Suryawarman (535 - 561), Raja Tarumanagara ka-7. Pustaka Jawadwipa, parwa I, sarga 1 (kaca 80-81) méré katrangan yén dina mangsa Candrawarman (515-535 M), ramana Suryawarman, loba pangawasa nu narima deui kakawasaan pamaréntahan di wewengkonna séwang-séwangan ku satiana ka Tarumanagara. Ditilik tina jihat ieu, Suryawarman milampah nu sarupa jeung kawijakan pulitik ramana.
Rakeyan Juru Pangambat nu kasebut dina prasasti Pasir Muara sigana mah mangrupa saurang pupuhu di Tarumanagara nu ngawakilan raja di wewengkon éta. Nu can puguh mah nu jadi sabab ayana éta prasasti di dinya? Naha wewengkon éta téh puseur Karajaan Sunda, atawa ukur tempat petingan nu kaasup wewengkon Sunda?
Boh sumber-sumber prasasti ogé sumber-sumber Cirebon ngajéntrékeun yén Purnawarman geus hasil meruhkeun musuh-musuhna. Prasasti Munjul di Pandéglang nunjukkeun yén kakawasaanana ngawengku ogé basisir Selat Sunda. Pustaka Nusantara, parwa II sarga 3 (kaca 159-162) nyebutkeun yén Purnawarman ngabawah 48 raja nu ngawasa daérah ti Salakanagara atawa Rajatapura (di daérah Teluk Lada Pandéglang) nepi ka Purwalingga (ayeuna Purbolinggo) di Jawa Tengah. Sacara tradisional, Cipamali (Kali Brebes, Kali Pemali) dianggap mangrupa wates kakawasaan raja-raja nu ngawasa wewengkon Jawa Kulon mangsa ka tukang.
Ayana prasasti Purnawarman di Pasir Muara, nu nyaritakeun Raja Sunda taun 536, mangrupakeun totondén yén puseur Sundapura geus robah status jadi karajaan daérah. Hal ieu ngandung harti yén puseur pamaréntahan Tarumanagara geus ngised ka wewengkon séjén. Conto nu sarupa bisa katitén ogé nalika Rajatapura atawa Salakanagara (kota Pérak), nu disebut Argyre ku Ptolemeus taun 150. Kota ieu, nepi ka taun 362, jadi puseur pamaréntahan raja-raja Déwawarman (ti Déwawarman I nepi ka VIII).
Nalika puseur pamaréntahan pindah ti Rajatapura ka Tarumanagara, Salakanagara robah statusna jadi karajaan daérah. Jayasingawarman nu ngadegkeun Tarumanagara téh minantu Déwawarman VIII, Maharesi ti Salankayana di India nu ngungsi ka Nusantara alatan daérahna dirurug Maharaja Samudragupta ti Karajaan Magada.
Suryawarman teu ukur neruskeun kawijakan pulitik ramana nu leuwih loba méré kapercayaan ka raja daérah pikeun ngokolakeun pamaréntahanana, tapi ogé mindahkeun perhatianana ka wewengkon wétan. Taun 526 misalna, Manikmaya, minantu Suryawarman, ngadegkeun karajaan anyar di Kendan, wewengkon Nagrég kiwari (antara Bandung jeung Limbangan, Garut). Putra Manikmaya matuh jeung akina di puseur Tarumangara, nu lajeng jadi Panglima Angkatan Perang Tarumanagara. Wewengkon wétan beuki maju deui nalika bao Manikmaya ngadegkeun Galuh taun 612.
Salila ngadeg, Tarumanagara ngalaman dipingpin ku dua welas raja. Taun 669, kusabab teu boga anak lalaki, Linggawarman diganti ku minantuna, Tarusbawa. Linggawarman kagungan dua putri, cikalna Manasih jadi istri Tarusbawa ti Sunda, sedengkeun nu bungsu Sobakancana jadi istri Dapuntahyang Sri Jayanasa nu ngadegkeun Karajaan Sriwijaya. Sacara otomatis, tahta kakawasaan Tarumanagara ragrag ka minantu ti istrina nu cikal, nyaéta Tarusbawa.
Kakawasaan Tarumanagara wekasan ku pindahna tahta karajaan ka Tarusbawa, sabab Tarusbawa pribadi milih mulang ka karajaanana sorangan, nyaéta Sunda nu saméméhna aya dina kakawaasan Tarumanagara. Pindahna kakawasaan Tarumanagara ka Sunda ieu, ngan Galuh nu teu sapuk, sarta mutuskeun misah ti Sunda nu kawarisan Tarumanagara.
[édit] Raja-raja Tarumanagara
- Jayasingawarman 358-382
- Dharmayawarman 382-395
- Purnawarman 395-434
- Wisnuwarman 434-455
- Indrawarman 455-515
- Candrawarman 515-535
- Suryawarman 535-561
- Kertawarman 561-628
- Sudhawarman 628-639
- Hariwangsawarman 639-640
- Nagajayawarman 640-666
- Linggawarman 666-669
[édit] Prasasti nu patali jeung Tarumanagara
Sahanteuna aya tujuh prasasti (nu geus kapanggih jeung katalungtik) nu dianggap patali jeung ayana karajaan Tarumanagara, di antarana:
- Prasasti Tugu, kapanggih di kampung Tugu, deukeut Cilincing, Jakarta Wétan.
- Prasasti Ciaruteun, kapanggih di sisi walungan Ciaruteun, Kampung Muara, Kabupatén Bogor
- Prasasti Cibadak (Sanghyang Tapak), kapanggih di Cibadak, Sukabumi.
- Prasasti Kawali (aya sababaraha prasasti), di situs Astana Gedé, Kawali, Ciamis.
- Prasasti Batutulis, kapanggih di wewengkon Batutulis, Bogor.
- Prasasti Kabantenan (aya sababaraha prasasti, Bekasi).
[édit] Rujukan
- Ayatrohaédi, 2005, Sundakala: cuplikan sejarah Sunda berdasarkan naskah-naskah "Panitia Wangsakerta" Cirebon. Jakarta: Pustaka Jaya. ISBN 979-419-330-5
- Saléh Danasasmita, 2003, Nyukcruk sajarah Pakuan Pajajaran jeung Prabu Siliwangi. Bandung: Kiblat Buku Utama.
- Yoséph Iskandar, 1997, Sejarah Jawa Barat: yuganing rajakawasa. Bandung: Geger Sunten.
- http://pasundan.homestead.com/files/Sejarah/b13.htm, salinan online buku Saléh Danasasmita (1983), Sejarah Bogor (Bagian I), wedalan PEMDA DT II Bogor.
[édit] Tempo ogé
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |