Tuberkulosis
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Tuberkulosis (ilahar disebut TBC atawa TB) téh panyakit inféksi alatan baktéri Mycobacterium tuberculosis, nu utamana narajang bayah (TB pulmonal), tapi bisa ogé narajang sistim saraf pusat (méningitis), sistim limfe, sistim sirkulasi (miliary tuberculosis), tulang, jeung sandi.
Tuberkulosis mangrupakeun salah sahiji panyakit inféksi paling bahya; laporan WHO taun 2004 nyebutkeun yén panyakit ieu téh narajang 14,6 juta urang di sakuliah dunya[1]. Dina sataunna, kuman ieu narajang salapan juta jalma sarta nelasan dua juta di antarana, utamana di nagara mekar. Di nagara-nagara maju, nu katarajang panyakit ieu téh biasana mah alatan sistim imunna anu ngalemahan, utamana alatan ubar imunosuprésif atawa inféksi HIV.
Sabenerna mah, ampir sapertilu manusa pangeusi Bumi téh geus kainféksi baktéri TB, tapi nu terus gering mah ukur 10%. Nu ngéléhkeun katelengesan TB téh ukur malaria, nu nelasan 2-3 juta jalma unggal taun.
[édit] Sumber rujukan
- Tuberculosis, Wikipédia édisi basa Inggris (11 Méi 2006)
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |