Ebooks, Audobooks and Classical Music from Liber Liber
a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z





Web - Amazon

We provide Linux to the World


We support WINRAR [What is this] - [Download .exe file(s) for Windows]

CLASSICISTRANIERI HOME PAGE - YOUTUBE CHANNEL
SITEMAP
Audiobooks by Valerio Di Stefano: Single Download - Complete Download [TAR] [WIM] [ZIP] [RAR] - Alphabetical Download  [TAR] [WIM] [ZIP] [RAR] - Download Instructions

Make a donation: IBAN: IT36M0708677020000000008016 - BIC/SWIFT:  ICRAITRRU60 - VALERIO DI STEFANO or
Privacy Policy Cookie Policy Terms and Conditions
Kimia - Wikipédia

Kimia

Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas

Unak-anik di laboratorium kimia
Gedéan
Unak-anik di laboratorium kimia

Kimia ngarupakeun élmu ngeunaan struktur, sipat, wangunan, jeung réaksi unsur jeung sanyawa kimiawi.

Daptar eusi

[édit] Cabang-cabang kimia

Kimia sacara husus dibagi kana sababaraha cabang utama, sababaraha nu sipatna meuntas-disiplin, sarta cabang-cabang nu leuwih husus.

Kimia organik 
Kimia organik ngarupakeun élmu struktur, sipat, wangunan, jeung réaksi sanyawa organik.
Kimia anorganik 
Kimia anorganik ngarupakeun cabang kimia nu patali jeung sipat sarta réaksi sanyawa anorganik. Béda antara disiplin organik jeung anorganik sipatna teu mutlak, malah loba tumpang tindihna, utamana dina subdisiplin kimia organologam.
Kimia fisik 
Kimia fisik ngarupakeun ulikan ngeunaan dasar fisik sistem-sistem jeung prosés kimiawi. Kimia modern kalawan teges ngadeg dina dadasar fisika sarta kimia fisik salaku tumbu langsungna. Widang ulikan nu penting di antarana térmodinamik kimiawi, kinetik kimiawi, kimia kuantum, mékanik statistis, jeung spéktroskopi.
Biokimia 
Biokimia ngarupakeun ulikan ngeunaan bahan, réaksi, jeung interaksi kimiawi nu aya na organisme hirup.
Kimia analitis 
Kimia analitis ngulik analisis sampel/conto bahan pikeun mikanyaho wangunan jeung struktur kimiawina.
Cabang Minor 
Élmu bahan, Kimia polimér, Kimia lingkungan, Farmakologi, Térmokimia, Kimia inti, Éléktrokimia, Kimia komputasional

[édit] Konsép dasar

[édit] Tata ngaran

Artikel utama: Tata ngaran zat kimia.

Tata ngaran dimaksudkeun kana sistem pikeun méré ngaran sanyawa kimiawi. Sanyawa organik dingaranan nurutkeun sistem tata ngaran organik. Sanyawa anorganik dingaranan nurutkeun sistem tata ngaran anorganik.

[édit] Atom

Artikel utama: Atom.

Atom ngarupakeun bagéan tina sistem kimiawi pangleutikna nu teu bisa dibeulah/dibagi-bagi deui.

[édit] Unsur

Artikel utama: Unsur kimiawi.

Unsur ngarupakeun bahan nu ngawengku atom-atom nu boga wilangan/jumlah proton nu tinangtu dina intina. Wilangan ieu dipiwanoh salaku wilangan atom unsur. Conto, sakabéh atom nu boga 6 proton na intina disebut atom unsur karbon, sedengkeun sakabéh atom nu boga 92 proton na intina disebut unsur uranium.

Pintonan nu pangmerenahna pikeun unsur-unsur aya dina tabel periodik, nu ngagolongkeun unsur-unsur dumasar kamiripan sipat kimiawina. Daptar unsur ogé bisa ditempo dina susunan Daptar unsur dumasar ngaran, dumasar lambang, jeung dumasar wilangan atom.

[édit] Sanyawa

Artikel utama: Sanyawa kimiawi

Sanyawa ngarupakeun zat nu dibentuk tina dua atawa leuwih unsur dina babandingan nu tetep nu nangtukeun wangunanna. Misal, cai ngarupakeun sanyawa nu ngandung hidrogén jeung oksigén dina babandingan dua ka hiji. Sanyawa dibentuk jeung dibeulah ku réaksi kimiawi.

[édit] Molekul

Artikel utama: Molekul.

Molekul ngarupakeun bagéan pangleutikna nu teu bisa dibeulah deui tina hiji sanyawa kimiawi nu mibanda sipat kimiawi jeung fisik unik nu tinangtu. Hiji molekul diwangun ku dua atawa leuwih atom nu kabeungkeut.

[édit] Beungkeutan

Artikel utama: Beungkeut kimiawi.

Beungkeut kimiawi ngarupakeun gaya nu nahan ngabeungkeut atom-atom dina molekul atawa kristal. Dina loba sanyawa basajan, tiori beungkeut valénsi jeung konsép wilangan oksidasi bisa dipaké pikeun ngaduga-duga struktur jeung wangunan molekular. Nu sarupa, tiori-tiori tina fisika klasik bisa dipaké pikeun ngaduga-duga struktur-struktur ionik. Mun diterapkeun ka sanyawa nu leuwih pajeulit, samodél kompléks logam, tiori beungkeut valénsi gagal, jeung kudu aya pangaweruh nu leuwih jero nu dumasar kana mékanika kuantum.

[édit] Wujud zat

Artikel utama: Fase (zat).

Fase ngarupakeun hiji wujud sistem fisik makroskopis nu mibanda wangunan kimiawi jeung sipat fisik nu rélatif sarua/saragam (nyaéta dénsiti, struktur kristal, indéks réfraktif, jsb.). Conto fase nu urang paling wawuh nyaéta padet, cair, jeung gas. Fase nu teu pati dipikawanoh di antarana plasma, kondensat Bose-Einstein, kondensat fermionik, jeung fase bahan magnetik paramagnetik sarta ferromagnetik.

[édit] Réaksi

Artikel utama: Réaksi kimiawi.

Réaksi kimiawi ngarupakeun transformasi/parobahan dina struktur molekul. Réaksi kieu bisa ngahasilkeun napelna hiji molekul ka nu séjénna pikeun ngawangun molekul nu leuwih gedé, beulahna molekul jadi dua atawa leuwih molekul nu leuwih leutik, atawa wangun-ulang atom-atom dina jero molekul. Réaksi kimiawi salawasna ngalibetkeun dibentuk atawa dipegatkeunana beungkeut kimiawi.

[édit] Tiori kuantum

Artikel utama: Tiori kuantum.

Tiori kuantum ngagambarkeun paripolah zat dina skala nu heureut pisan. Ieu téh, prinsipna mah, ngamungkinkeun pikeun ngagambarkeun sakabéh sistem kimiawi ngagunakeun tiori ieu, tapi sacara matematis rumit sarta teu bisa diduga-duga. Praktékna, ukur sistem kimiawi nu pangbasajanna nu bisa réalistis ditalungtik dina kontéks mékanika kuantum murni, ieu gé lumangsung maké loba pendekatan/perkiraan (misalna Density functional theory). Ku sabab éta, pangaweruh mékanika kuantum nu leuwih jero tur mérélé teu pati perlu pikeun kalolobaan kimia, da penting aubna tiori ieu (hususna pendekatan orbital) bisa dilenyepan sarta diterapkeun dina kontéks nu leuwih basajan.

[édit] Hukum

Hukum-hukum kimiawi sabenerna ngarupakeun hukum fisika hu diterapkeun na sistem kimiawi.

Konsép paling fundaméntal dina kimia nyaéta Hukum konservasi massa nu ngunikeun yén teu aya parobahan kuantitas zat nu kaukur dina hiji réaksi kimiawi biasa. Fisika modern mintonkeun yén tétéla énergi nu conserved, jeung yén énergi jeung massa raket patalina. Konservasi énergi saterusna nungtun kana konsép penting ngeunaan kasatimbangan, térmodinamik, jeung kinetik.

[édit] Sajarah kimia

[édit] Étimologi

Prancis Kuna: alkemie; Arab al-kimia: seni transformasi.

[édit] Tempo ogé

  • Daptar jejer kimia
  • Kimiawan jeung Daptar kimiawan
  • American Chemical Society
  • International Union of Pure and Applied Chemistry
  • Téhnik kimiawi
  • Tabel periodik
  • Daptar sanyawa
  • Daptar publikasi penting widang kimia

[édit] Tumbu kaluar jeung sumber séjén

[édit] Tumbu

[édit] Bacaeun salajengna

  • Raymond Chang. 1998. Chemistry. éd. ka-6. Boston: James M. Smith. ISBN 0071152210.


Kimia

Kimia analitis | Kimia organik | Kimia anorganik | Kimia fisik | Kimia polimér | Biokimia | Élmu bahan | Kimia lingkungan | Farmasi | Térmokimia | Éléktrokimia | Kimia inti | Kimia komputasi
Tabel periodik | Daptar sanyawa
Our "Network":

Project Gutenberg
https://gutenberg.classicistranieri.com

Encyclopaedia Britannica 1911
https://encyclopaediabritannica.classicistranieri.com

Librivox Audiobooks
https://librivox.classicistranieri.com

Linux Distributions
https://old.classicistranieri.com

Magnatune (MP3 Music)
https://magnatune.classicistranieri.com

Static Wikipedia (June 2008)
https://wikipedia.classicistranieri.com

Static Wikipedia (March 2008)
https://wikipedia2007.classicistranieri.com/mar2008/

Static Wikipedia (2007)
https://wikipedia2007.classicistranieri.com

Static Wikipedia (2006)
https://wikipedia2006.classicistranieri.com

Liber Liber
https://liberliber.classicistranieri.com

ZIM Files for Kiwix
https://zim.classicistranieri.com


Other Websites:

Bach - Goldberg Variations
https://www.goldbergvariations.org

Lazarillo de Tormes
https://www.lazarillodetormes.org

Madame Bovary
https://www.madamebovary.org

Il Fu Mattia Pascal
https://www.mattiapascal.it

The Voice in the Desert
https://www.thevoiceinthedesert.org

Confessione d'un amore fascista
https://www.amorefascista.it

Malinverno
https://www.malinverno.org

Debito formativo
https://www.debitoformativo.it

Adina Spire
https://www.adinaspire.com