Kimia organik
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Kimia organik ngarupakeun ulikan ilmiah ngeunaan struktur, sipat, wangunan, jeung réaksi sanyawa organik.
Daptar eusi |
[édit] Tata ngaran organik
tata ngaran organik ngarupakeun sistem nu dimaneuhkeun pikeun ngaranan jeung ngagolongkeun sanyawa organik.
[édit] Sanyawa alifatik
Hidrokarbon - Alkana - Alkéna - Diéna atawa Alkadiéna - Alkuna - Halogénoalkana - Alkohol - Mérkaptan - Éter - Aldehid - Keton - Asam karboksilat - Éster - Karbohidrat - Sanyawa alisiklik - Amida - Amina - Lipid - Nitril
[édit] Sanyawa aromatik
Bénzén - Toluén - Xilén - Anilin - Fénol - Asétofénon - Bénzonitril - Halogénoaren - Naftalén - Antrasén - Fénantrén - Bénzopirén - Koronén - Azulén - Bifénil
[édit] Sanyawa hétérosiklik
Piridin - Pirol - Tiofén - Furan - Imidazol
[édit] Polimér
Polimér ngarupakeun hiji wujud molekul nu husus. Umum dianggap molekul "gedé", polimér meunang gelar éta dumasar kana ukuranana sabab disusun ku loba bagéan nu leuwih leutik. Bagéan nu leutikna bisa kembar kimiawi nu ngawujud jadi molekul homopolimér, atawa bisa ogé tina béda-béda struktur kimiawi nu ngawujud jadi molekul hétéropolimér. Polimér ngarupakeun sawaréh ti "makromolekul" nu ukur digolongkeun dumasar ukuranana nu dianggap gedé.
Polimér bisa organik atawa anorganik, umum kapanggih mah organik (misal poliétilén, polipropilén, Pléxiglas, jsb), tapi nu anorganik ge mindeng kapanggih na kahirupan sapopoé (misal silly putty, silikon, jsb).
[édit] Konsép
Tata ngaran organik - Rumus kimia - Rumus struktur - Rumus rangka - Réaksi organik
[édit] Ciri-ciri zat organik
Nu jadi alesan pangna aya loba pisan sanyawa karbon nyéta sabab karbon mibanda kamampuhan pikeun ngawangun ranté karbon nu panjangna rupa-rupa, sarta cingcin nu ukuranana béda (katénasi). Lolobana sanyawaan karbon peka pisan ku panas jeung umumna terurai méméh 300'C. Cenderung kurang leyur na cai dibanding kalolobaan uyah anorganik. Béda ti uyah, sanyawa organik leuwih leyur na pangleyur organik saperti éter atawa alkohol. Sanyawa organik kabeungkeut sacara kovalén.
[édit] Sajarah
Kimia organik salakuélmu umumna kaaku dimimitian ku sintésis organik uréa ku Friedrich Woehler tina bahan anorganik taun 1828.
[édit] Tempo ogé
Kimia analitis | Kimia organik | Kimia anorganik | Kimia fisik | Kimia polimér | Biokimia | Élmu bahan | Kimia lingkungan | Farmasi | Térmokimia | Éléktrokimia | Kimia inti | Kimia komputasi |
Tabel periodik | Daptar sanyawa |