Wikipedia:Kuncén
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Kuncén (pituinna mah administratur) disebut ogé sysop. Anjeun bisa ngajukeun pamundut na kaca ieu pikeun hal-hal nu ngan bisa dipigawé ku kuncén.
Mun anjeun hayang ngahapus hiji kaca, béjakeun na kaca Wikipédia:Proposal ngahapus.
Kuncén wenang migawé sababaraha hal nu teu bisa dipigawé ku pamaké séjén. Hal ieu ditujukeun pikeun alesan kinerja (mun kabéh pamaké bisa, ramatloka ieu bakal laun pisan jalanna). Ogé pikeun alesan kaamanan (hartina kuncén mah geus kapercaya). Mun anjeun hayang jadi kuncén, tepikeun baé di dieu.
Sing saha baé nu geus ngeusian ramatloka ieu diwenangkeun jadi kuncén, teu aya masalah.
Kuncén teu mibanda kawenangan husus, sarua baé jeung nu séjén.
Nu bisa dipigawé ku kuncén, nyaéta,
- ngahapus kaca
- ngonci eusi kaca
- muka konci eusi kaca
- ngédit kaca nu dikonci
- meungpeuk pamaké nu ngaruksak loka.
Daptar eusi |
[édit] Kaca-kaca penting pikeun kuncén
- Wikipédia:Kawijakan
- Wikipédia:Vandalisme nu keur lumangsung
- Wikipédia:Peungpeuk
- Wikipédia:Proposal ngahapus
- Wikipédia:Kawijakan ngahapus
- Wikipédia:Kawijakan ngonci
[édit] Daptar kuncén
Mangga langsung buka kaca Daptar kuncén.
[édit] Isu jeung pamundut kiwari
Pamaké bisa ménta ka kuncén di dieu pikeun ngajaga kaca. Pamundut pikeun ngahapus kaca mangga tulis di Wikipédia:Proposal ngahapus, sedengkeun pikeun meungpeuk na kaca Wikipédia:Vandalisme nu keur lumangsung.
Sadaya kuncén kudu ngawaskeun bagian ieu pikeun isu-isu nu mémang sakuduna kuncén awas, sarta pikeun wawar ngeunaan parobahan kawijakan nu mangaruhan kuncén.