Botani
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Botani nyaéta studi saintifik ngeunaan kahirupan tutuwuhan. Minangka cabang biologi, botani disebut oge minangka élmu tutuwuhan atawa biologi tutuwuhan. Botani nyakup wilayah nu lega dina bidang disiplin élmu nu ngalakukeun studi ngeunaan struktur, tuwuhna, réproduksi, métabolisme, pangembangan, panyakit, ékologi, jeung évolusi tutuwuhan
[édit] Widang jeung pentingna Botani
Saperti wangun hirup séjénna dina biologi, kahirupan tutuwuhan bisa ditalungtik tina perspéctif anu béda, ti lével molékular, genetik jeung biokimia ngaliwatan organél, sél, jaringan, organ, individu, populasi tutuwuhan, jeung comunitas tutuwuhan. Dina masing-masing lével ieu, botanis berhubungan jeung klasifikatsi (taksonomi), struktur (anatomi), atawa fungsi (fisiologi) kahirupan tutuwuhan.