Sirah
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
![Sirah manusa (Gbr. 1194 dina Gray's Anatomy)](../../../upload/shared/thumb/5/54/Gray1194.png/180px-Gray1194.png)
Dina anatomi, sirah atawa hulu téh nujul ka bagian rostral (tina posisi anatomis) nu ilaharna ngandung uteuk, panon, ceuli, irung, jeung baham (masing-masing boga pancén, kayaning nempo, ngadéngé, ngambeu, jeung ngasaan). Aya sababaraha sato nu teu boga hulu, tapi bentuk simétri bilateral mah lolobana boga.
Daptar eusi |
[édit] Anatomi manusa
Bagian hareup (ventrum) sirah tempat perenahna panon, ceuli, jeung baham disebut beungeut. Luhureun panon disebutna tarang, handapeun baham disebutna gado. Normalna, di bagian luhur jeung tukangeun sirah téh sok aya rambut.
Di kalolobaan sato kompléks, hulu téh nyambung ka bagian awak lianna ngaliwatan beuheung.
[édit] Tulang sirah
Tulang sirah manusa sacara koléktif disebut tangkorék atawa tangkorak, nu kabagi kana cranium (sakabéh tulang tangkorak) jeung rahang. Fitur tangkorak pangbéda antara mamalia jeung non-mamalia nyaéta ayana tilu tulang ceuli (disebut osikel):
- malleus (hammer)
- incus (anvil)
- stapes (stirrup)
Osikel ieu mangrupakeun komponén penting pangrungu mamalia. Sato lianna boga tulang tunggal nu umumna disebut columella.
Cranium bisa dibagi kana tutup tangkorak (atawa calvarium) jeung basa. Cranium ngawengku sababaraha tulang nu ngahiji dina sambungan nu disebut sutures; sababaraha sutures ngahiji jadi pterion. Prosés ngahijina tulang ieu lumangsung in utero pikeun ngabungkus organ pangpentingna: uteuk. Najan ngagabungna tulang-tulang ieu téh geus lengkep méméh borojol, aya bagian jaringan serat (disebut fontanelle) nu kakara ngahiji kalawan sampurna dina mangsa puber.
[édit] Rujukan
- Head, Wikipédia édisi basa Inggris (6 Juli 2006)
- Mike Hunt, Human Evolution: An Introduction to Man's Adaptations (4th edition), ISBN 0202020428
[édit] Tumbu kaluar
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |