Ebooks, Audobooks and Classical Music from Liber Liber
a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z





Web - Amazon

We provide Linux to the World


We support WINRAR [What is this] - [Download .exe file(s) for Windows]

CLASSICISTRANIERI HOME PAGE - YOUTUBE CHANNEL
SITEMAP
Audiobooks by Valerio Di Stefano: Single Download - Complete Download [TAR] [WIM] [ZIP] [RAR] - Alphabetical Download  [TAR] [WIM] [ZIP] [RAR] - Download Instructions

Make a donation: IBAN: IT36M0708677020000000008016 - BIC/SWIFT:  ICRAITRRU60 - VALERIO DI STEFANO or
Privacy Policy Cookie Policy Terms and Conditions
Huntu - Wikipédia

Huntu

Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas

Huntu ngarupakeun wangun anu aya dina rahang kalolobaan vertebrata. Guna huntu anu utama nyaéta pikeun nyewir/nyoéh jeung ngagayem dahareun, sarta, di sababaraha sato hususna karnivora, pikeun jogol atawa mertahankeun hirup.

Huntu téh kaasup salah sahiji ciri pangbéda pikeun spésiés-spésiés mamalia katut fosilna. Para ahli paléontologi migunakeun huntu pikeun nangtukeun spésiés fosil katut pancakakina, kusabab bentuk huntu mah luyu jeung kadaharan mangkelukna. Pikeun conto, dahareun tina tutuwuhan mah hésé dicerna, ku kituna hérbivora boga loba geraham pikeun ngagayem. Sabalikna, karnivora nu kadaharanana daging butuh sihung pikeun maéhan jeung nyewiran daging.

Béda jeung manusa nu huntuna mekar jadi dua sét sapanjang hirupna (diphyodont), sasatoan mah aya nu monophyodont, aya ogé anu polyphyodont. Hiu, pikeun conto, huntuna téh jadi unggal dua minggu. Béda deui jeung sato pangokos, huntu sato golongan ieu mah huntuna terus-terusan tumuwuh, sahingga kudu salawasna dipaké ngokosan.

Daptar eusi

[édit] Huntu manusa

Huntu susu budak umur 8 taun. Tengetan euweuhna akar huntu, nu mémang ancur saméméh huntu susu punglak.
Gedéan
Huntu susu budak umur 8 taun. Tengetan euweuhna akar huntu, nu mémang ancur saméméh huntu susu punglak.

Manusa kaasup diphyodont, nu hartina ngalaman dua hambalan kamekaran huntu sapanjang hirupna. Sét kahiji (huntu "susu" atawa "primér") ilaharna mah mimiti bijil dina umur genep bulan, najan aya ogé nu geus katémbong huntuna ti saprak dibabarkeun Huntu susu ieu lobana dua puluh nu sumebar rata sapanjang kuadran baham. Unggal kuadran lima huntu mibanda:

  • central incisor
  • lateral incisor
  • cuspid (canine)
  • molar kahiji
  • molar kadua

[édit] Kamekaran huntu

Aya tilu hambalan dina kamekaran émbrionik huntu: Hambalan Bud, Hambalan Cap, jeung Hambalan Bell. Hambalan Bud dimimitian dina minggu katujuh kahirupan jero kandungan.

[édit] Kanyataan ngeunaan huntu sasatoan

Potongan gading hiji mamot
Gedéan
Potongan gading hiji mamot
  • Huntu séri rodénsia terus tumuwuh sapanjang hirupna.
  • Huntu répril jeung hiu terus-terusan ganti; buhaya ganti huntu leuwih ti opat puluh kali sapanjang hirupna.
  • Gading gajah mangrupakeun huntu husus pikeun ngali dahareun jeung tarung.
  • Kuya jeung penyu mah teu huntuan.
  • Huntu kuda bisa dipaké pikeun ngira-ngira umur satona.

[édit] Tumbu kaluar


Our "Network":

Project Gutenberg
https://gutenberg.classicistranieri.com

Encyclopaedia Britannica 1911
https://encyclopaediabritannica.classicistranieri.com

Librivox Audiobooks
https://librivox.classicistranieri.com

Linux Distributions
https://old.classicistranieri.com

Magnatune (MP3 Music)
https://magnatune.classicistranieri.com

Static Wikipedia (June 2008)
https://wikipedia.classicistranieri.com

Static Wikipedia (March 2008)
https://wikipedia2007.classicistranieri.com/mar2008/

Static Wikipedia (2007)
https://wikipedia2007.classicistranieri.com

Static Wikipedia (2006)
https://wikipedia2006.classicistranieri.com

Liber Liber
https://liberliber.classicistranieri.com

ZIM Files for Kiwix
https://zim.classicistranieri.com


Other Websites:

Bach - Goldberg Variations
https://www.goldbergvariations.org

Lazarillo de Tormes
https://www.lazarillodetormes.org

Madame Bovary
https://www.madamebovary.org

Il Fu Mattia Pascal
https://www.mattiapascal.it

The Voice in the Desert
https://www.thevoiceinthedesert.org

Confessione d'un amore fascista
https://www.amorefascista.it

Malinverno
https://www.malinverno.org

Debito formativo
https://www.debitoformativo.it

Adina Spire
https://www.adinaspire.com