Limpa
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Limpa hartina kelenjar vertebrata nu, najan teu vital pikeun hirup, patali pisan jeung sistim sirkulasi, nu pancénna ngancurkeun sél getih beureum nu geus kolot/paéh jeung kokotor séjénna ti aliran getih, sarta dina mertahankeun simpenan getih. Limpa téh dianggap salaku puseur kagiatan sistim rétikuloéndotélial.
[édit] Cacad
Sababaraha kasakit jeung cacad aya nu dibalukarkeun ku limpa nu ngabadagan, malah bisa nepi ka "minuhan" abdomén bagian kénca. Sababaraha kasakit nu ngabalukarkeun bareuhan limpa (katelah splenomegaly), di antarana malaria, bacterial endocarditis, leukemia, pernicious anaemia, leishmaniasis, kasakit Hodgkin, kasakit Banti, tumor, jeung hereditary spherocytosis.
Euweuhna limpa bisa ngagampangkeun urang katarajang inféksi septicaemia.
- najan jarang, kadang aya kasus jalma nu teu boga limpa alatan kalainan kongenital.
- kasakit sél sabit bisa ngabalukarkeun asplenia fungsional (atawa autosplenectomy).
- bisa diangkat ku jalan dibedah (katelah splenectomy). Misalna dina kasus tatu abdominal nu ngabalukarkeun ruksakna limpa, atawa pikeun natambaan kasakit getih (Idiopathic thrombocytopenic purpura, familial jaundice, hereditary spherocytosis, jsb.), atawa pikeun ngangkat tumor limpa.
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Citakan:SistimLimfe