Kanjut
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Dina sato jalu, kanjut (hartina "kantong leutik") atawa skrotum (Ing. scrotum) nyaéta kantong kulit luar katut otot nu ngandung téstikel. Kanjut mangrupakeun terusan abdomén, nu tempatna antara sirit jeung kérod salawé. Homolog bikang nalika tumuwuhna utun inji nyaéta labia mayora.
Fungsi kanjut sigana pikeun ngajaga sangkan hawa téstikel tetep sahandapeun awak. Pikeun manusa, hawa sabudeureun nu idéal nyaéta 34.4 darajat Celsius (94 darajat Fahrenheit); 36.7 darajat Celsius (98 darajat Fahrenheit) bisa ngaruksak spérma. Hawa ieu diatur ku ngendorkeun atawa murungkutkeun kanjut, luyu jeung hawa sabudeureunana, ku cara nu katelah cremasteric reflex, prosés ngendoran jeung murungkutna otot cremaster na abdomén jeung dartos fascia (jaringan otot handapeun kulit) na kanjut.
Najan hawa nu cocog pikeun tumuwuhna spérma teu sarua di antara spésiés, pikeun spésiés getih-haneut mah biasana séd saeutik ti hawa jero awak.
Pikeun manusa jeung sababaraha rupa sato, kanjut téh sok katutup ku baok nalika manjing rumaja/puber.
[édit] Sumber rujukan
- Scrotum, ti Wikipédia basa Inggris, disalin ping 6 Séptémber 2005.
Sistim baranahan |
Wanoja: Serviks - Itil - Solobong fallopi - Kalenjar Bartholin - Hymen - Kalenjar susu - Ovarium - Kalenjar Skene - Urétra - Uterus - Heunceut |
Lalaki: Kalenjar bulburétral - Kalenjar cowper - Saluran éjakulatori - Épididimis - Sirit - Prostat - Kanjut - Kantong mani - Tali spérmatik - Téstis - Urétra - Vas deferens |