Bikang
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
Bikang atawa awéwé nyaéta salasahiji kelamin hiji organisme, atawa bagian ti hiji organisme, nu ngahasilkeun sél endog. "Sél endog" dihartikeun salaku gamét nu leuwih badag dina sistim baranahan hétérogami, sedengkeun gamét nu leuwih leutik dihasilkeun ku jaluna. Hiji bikang teu bisa baranahan sorangan tanpa jalangan jeung jaluna, najan aya sababaraha nu mahiwal.
Teu aya mékanisme genetik tunggal satukangeun béda kelamin dina spésiés nu béda, jeung ayana dua kelamin dina hiji spésiés sigana (pikeun dunya ilmiah) mangrupa hasil évolusi mandiri sababaraha kali. Naon nu sabenerna ngabédakeun bikang ti jalu teu salawasna atra, malah dina sababaraha kasus jadi bahan pananya kana harti nu sabenerna. 'Bikang' jeung 'jalu' ogé katémbong dina struktur réproduktif na tutuwuhan, sahingga konsépna teu diwates saukur sato/manusa.
Lambang ilahar nu dipaké pikeun ngagambarkeun bikang nyaéta ♀ (Unicode: U+2640), cingcin aya silangan handapeunana. Lambang ieu ogé ngawakilan planét Vénus nu bisa ogé ditempo salaku gambar eunteung déwi Vénus.