Ebooks, Audobooks and Classical Music from Liber Liber
a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z





Web - Amazon

We provide Linux to the World


We support WINRAR [What is this] - [Download .exe file(s) for Windows]

CLASSICISTRANIERI HOME PAGE - YOUTUBE CHANNEL
SITEMAP
Audiobooks by Valerio Di Stefano: Single Download - Complete Download [TAR] [WIM] [ZIP] [RAR] - Alphabetical Download  [TAR] [WIM] [ZIP] [RAR] - Download Instructions

Make a donation: IBAN: IT36M0708677020000000008016 - BIC/SWIFT:  ICRAITRRU60 - VALERIO DI STEFANO or
Privacy Policy Cookie Policy Terms and Conditions
Naskah Wangsakerta - Wikipédia

Naskah Wangsakerta

Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas

Naskah Wangsakerta nujul ka sakumpulan naskah nu disusun ku Pangéran Wangsakerta pribadi atawa nu disusun ku "Panitia Wangsakerta". Dumasar eusi Pustaka Rajyarajya i Bhumi Nusantara parwa (bagian) V sarga (jilid/naskah) 5 nu mangrupa daptar pustaka, sahanteuna pabukon Karaton Cirebon ngoléksi 1703 judul naskah, 1213 di antarana mangrupa karya Pangéran Wangsakerta saparakanca.

Daptar eusi

[édit] Panitia Wangsakerta

Dina pamuka unggal naskah karya Wangsakerta salawasna diémbarkeun ngeunaan prosés dijieunna naskah-naskah éta. Panitia--nu dipingpin ku Pangéran--Wangsakerta ieu dimaksudkeun pikeun nyumponan amanat ramana, Panembahan Girilaya, sangkan nyusun kisah karajaan-karajaan Nusantara. Panitia ngadeg pikeun ngayakeun gotrasawala antara para ahli (sajarah) ti sakuliah Nusantara, nu hasilna disusun jeung ditulis jadi naskah-naskah nu kiwari katelah Naskah Wangsakerta téa. Gotrasawala ieu lumangsung taun 1599 Saka (1677 M), sedengkeun panyusunan naskah-naskahna méakeun waktu nepi ka 21 taun (réngsé 1620 Saka, 1698 M).

[édit] Karya Panitia Wangsakerta

Naskah-naskah nu dihasilkeun ku Panitia Wangsakerta bisa digolongkeun kana sababaraha judul:

  • Pustaka Rajyarajya i Bhumi Nusantara
  • Pustaka Pararatwan
  • Pustaka Carita Parahyangan i Bhumi Jawa Kulwan
  • Pustaka Nagarakretabhumi
  • Pustaka Samastabhuwana
  • Salinan kitab-kitab hukum Majapahit
  • Kumpulan carita, katha, jeung itihasa
  • Pustaka ngeunaan raja désa jeung raja alit
  • Salinan rupa-rupa naskah Jawa Kuna
  • Mahabharata
  • Kumpulan kathosana
  • Salinan prasasti
  • Salinan surat-surat perjangjian sabalad
  • Naskah ngeunaan carita para padagang
  • Naskah dina rupa-rupa basa séjén jeung deungeun
  • Kumpulan widyapustaka (anéka élmu)
  • Pustaka kaislaman
  • Sarwakrama raja-raja Salakanagara
  • Sarwakrama raja-raja Tarumanagara
  • Sarwakrama raja-raja Galuh jeung Pajajaran
  • Sarwakrama raja-raja Galuh
  • Sarwakrama raja-raja Jawa Tengah jeung Wétan
  • Raja-raja jeung pangagung Majapahit
  • Raja-raja jeung pangagung Bali
  • Raja-raja jeung pangagung Janggala jeung Kadiri
  • Raja-raja jeung pangagung Sriwijaya
  • Raja-raja wewengkon Bali, Kadiri, jeung Janggala
  • Salinan naskah-naskah karya Prapanca

[édit] Kontrovérsi

Kapanggihna naskah Wangsakerta dina taun 1970-an, lian ti nimbulkeun rasa bungah jeung hélok nu kacida alatan kalengkepanana, pikeun sawatara pihak nimbulkeun rasa mangmang, malah sababaraha ahli nyangka yén ieu naskah téh aspal (asli tapi palsu). Di antara alesan-alesan nu ngaragukeun ieu naskah, nyaéta:

  • historis teuing, teu galib jeung umumna eusi naskah nu sajaman (babad, kidung, tambo, hikayat);
  • akurna eusi naskah jeung karya-karya sarjana Kulon (J.G. de Casparis, N.J. Krom, Eugene Dubois, jsb.), sahingga aya sangkaan yén ieu naskah dijieun ngarujuk ka karya sarjana-sarjana tadi (lain dijieun abad ka-17);
  • kaayaan fisik naskah (kertas/daluang, mangsi, wangun aksara) can katalungtik.

[édit] Rujukan

  • Ayatrohaedi. 2005. Sundakala: cuplikan sejarah Sunda berdasarkan naskah-naskah "Panitia Wangsakerta" Cirebon. Pustaka Jaya, Jakarta. ISBN 979-419-330-5
  • Ekajati, Edi S. 2005. Polemik Naskah Pangeran Wangsakerta. Pustaka Jaya, Jakarta. ISBN 979-419-329-1
Basa séjén
Our "Network":

Project Gutenberg
https://gutenberg.classicistranieri.com

Encyclopaedia Britannica 1911
https://encyclopaediabritannica.classicistranieri.com

Librivox Audiobooks
https://librivox.classicistranieri.com

Linux Distributions
https://old.classicistranieri.com

Magnatune (MP3 Music)
https://magnatune.classicistranieri.com

Static Wikipedia (June 2008)
https://wikipedia.classicistranieri.com

Static Wikipedia (March 2008)
https://wikipedia2007.classicistranieri.com/mar2008/

Static Wikipedia (2007)
https://wikipedia2007.classicistranieri.com

Static Wikipedia (2006)
https://wikipedia2006.classicistranieri.com

Liber Liber
https://liberliber.classicistranieri.com

ZIM Files for Kiwix
https://zim.classicistranieri.com


Other Websites:

Bach - Goldberg Variations
https://www.goldbergvariations.org

Lazarillo de Tormes
https://www.lazarillodetormes.org

Madame Bovary
https://www.madamebovary.org

Il Fu Mattia Pascal
https://www.mattiapascal.it

The Voice in the Desert
https://www.thevoiceinthedesert.org

Confessione d'un amore fascista
https://www.amorefascista.it

Malinverno
https://www.malinverno.org

Debito formativo
https://www.debitoformativo.it

Adina Spire
https://www.adinaspire.com