Kota Cimahi
Ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
![]() |
|
![]() |
|
Motto | Saluyu Ngawangun Jati Mandiri |
Propinsi | Jawa Barat |
Ibukota | {{{ibukota}}} |
Lega Wilayah | 48,42 km² |
Kordinat | - |
Pangeusi | |
· Jumlah | 483.000 (2003) |
· Kapadetan | 9.70 jiwa/km² |
Administratif | |
· Kacamatan | 3 |
· Désa/ kalurahan |
15 |
Dasar hukum | - |
Tanggal | - |
Walikota | M. Itoc Tochiya |
Kode area telepon | 022 |
DAU | Rp. - |
Situs web resmi: http://www.cimahikota.go.id |
Kota Cimahi nyaéta hiji kota di Propinsi Jawa Barat, Indonésia. Kota ieu aya di kuloneun Kota Bandung. Cimahi baheulana kaasup Kabupatén Bandung, nu satuluyna ditetepkan jadi kota administratif dina tanggal 29 Januari 1976. Dina tanggal 21 Juni 2001, Cimahi ditetepkan minangka kota. Kota Cimahi kawengku ku 3 kacamatan, nu kabagi deui kana sajumlah kalurahan.
[édit] Sajarah
Cimahi mulai dipikawanoh nalika taun 1811, Gubernur Jenderal Willem Daendels nyieun jalan Anyer-Panarukan, dimana pos penjagaannana dijieun di alun-alun Cimahi ayeuna. Taun 1874–1893, dilaksanakeun pangwangunan jalan kareta api Bandung-Cianjur sakaligus ngawangun stasion kareta api Cimahi. Taun 1886 diwangun pusat pendidikan militér sarta fasilitas séjénna saperti Rumah Sakit Dustira, rumah tahanan militér. Dina taun 1935, Cimahi ditetepkan minangka kacamatan.
Sanggeus kamerdékaan Indonésia, Cimahi jadi bagean ti Kabupatén Bandung Utara. Dina taun 1962, dijieun Kawadanaan Cimahi nu nyakup Kacamatan Cimahi, Padalarang, Batujajar, jeung Cipatat. Dumasar kana PP Nomer 29 Taun 1975, Cimahi ditingkatkeun statusna jadi kota administratif dina tanggal 29 Januari 1976, tur jadi kota administratif munggaran di Jawa Barat.
Kiwari Cimahi jadi salasahiji kawasan pertumbuhan Kota Bandung di béh kulon. Jumlah pangeusina 483.000 jiwa, ningkat ti 290.000 dina taun 1990. Pertumbuhan rata-rata 2,12% per taun.
[édit] Tumbu Luar
|
![]() |
---|---|
Kabupatén: Bandung | Bekasi | Bogor | Ciamis | Cianjur | Cirebon | Garut | Indramayu | Karawang | Kuningan | Majalengka | Purwakarta | Subang | Sukabumi | Sumedang | Tasikmalaya |
|
Kota Cimahi, Jawa Barat |
![]() |
---|---|
Kacamatan: Cimahi Selatan | Cimahi Tengah | Cimahi Utara |